Soal Kelas 12
SOAL Bahasa Sunda Kelas 12 Ujian Sekolah Tahun 2024 Lengkap Kunci Jawaban Soal USBN/USP Bahasa Sunda
Setiap pertanyaan juga disertai dengan kunci jawaban sehingga memudahkan dalam mengoreksi hasil belajar.
E. Éksprésia
11. Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana, mangrupa wangenan tina karangan jenis...
A. narasi B. éksposisi
C. arguméntasi D. pérsuasi
E. déskripsi
Jawaban : b
12. daun nu geus garing (nu geus murag kana taneuh)..
A. kongkoak B. kalakay
C. koleang D. kararas
Jawaban : b
13. Nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté, disebut...
A. Monolog B. Rajah
C. Deskripsi D. Dialog
E. Narasi
Jawaban : a
14. Bagean anu nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna, disebut...
A. Rajah B. Narasi
C. Dialog D. Deskripsi
E. Monolog
Jawaban : b
15. Dina salasahiji pancén basa Sunda, Ani dititah pikeun macacarita dongéng anu miboga judul “Si Kabayan Ngala Nangka”. Nalika Ani maca éta dongéng, manéhna ngilu asup kana eusi carita anu ngagambarkeun kahirupan padésaan waktu harita. Hawana tingtirim turtiis. Sasakali, dicaritakeun hieumna leuweung nalika Si Kabayan ngala nangka, anu mantak nyieun Ani muringkak nalika maca. Gambaran anu dipikarasa ku Ani nalika maca éta dongéng dipangaruhan ku salasahiji unsur carita dongéng nyaéta
A. Latar tempat B. Jejer
C. Latar suasana D. Téma
E. Latar waktu
Jawaban : c
16. Karangan anu eusina ngebrehkeun pamanggih pribadi saurang pangarang atawa panulis anu dirojong jeung didadasaran ku rupa-rupa rujukan, boh hasil panalungtikan boh pamanggih ahli disebut...
A. Artikel B. skripsi
C. Makalah D. Esey
E. Pedaran
Jawaban : a
17. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta
A. Sakabéh eusi caritana bohong B. Awalna kagolong kana sastra tulisan
C. Sumebarna tatalépa sacara lisan D. Teu jelas anu ngarangna (anonIm)
E. Ngandung unsur-unsur pamohalan
Jawaban : b
18. Unggal soré Abdul mindeng ngupingkeun dongéng dina radio. Lian ti jadi hiburan, tina dongéng ogé sok meunangkeun hiji pangajaran pikeun Abdul. Unsur pangajaran anu aya dina dongéng disebut
A. Palaku B. Jejer
C. Téma D. Amanat
E. Watek
Jawaban : d
19. Ieu di handap anu teu kaasup kecap-kecap anu ilahar dipaké dina kalimah paréntah,
A. Punten B. Hayu
C. Mangga D. Cing
E. Wah
Jawaban : e
20. Siswa anu di tes maca gancang aya tilu puluh tilu urang. Kalimah di luhur kaasup kana kalimah.....
A. Bilangan B. Bilangan tahapan
C. Kaayaan D. Sifat
Jawaban : a
21. Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna
A. Biografi B. Skétsa
C. Carpon D. Fiksimini
E. Dongéng
Jawaban : e
22. Tradisi Tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kandungan hiji awéwé nincak umur ....
A. tilu bulan B. salapan bulan
C. genep bulan D. tujuh bulan
E. dalapan bulan
Jawaban : d
23. ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaéta...
A. alinéa panandes B. alinéa panambah
C. alinéa pamungkas D. judul
E. alinéa bubuka
Jawaban : b
24. Pantun anu dipagelarkeuna teu sagawayah, ngan ukur dina acara anu tangtu, dina poe salasa jeung jumaah. Make sasajen, dipagelarkeunna sapeuting jeput. Sarta juru pantunna kudu puasa heula, disebut pantun...
A. Beton B. Hiburan
C. Sakral D. Mantra
E. Ritual
Jawaban : e
25. Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé nyaéta
A. Sangkuriang saenyana anak raja B. Sangkuriang kahampangan
C. Sangkuriang nyieun parahu D. Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang
E. Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang
Jawaban : d
26. Andri : Mugia panyawat Ki Anta geura diangkat tur geura séhat waringkas
Lia : Mantakna, Ulah jajan samanéa komo nu ngandung pangawét mah!
Azhar : Sawadina, pamaréntah téh leuwih teges mariksa kadaharan anu teu layak dijual
Jaya : Emh, da kumaha deui atuh urang mah da ukur rahayat
Maul : Ulah nyerah kitu, hayu urang mimitian ti urang-urang pikeun milih jeung milah kadaharan anu séhat
Dumasar paguneman di luhur anu kaasup kalimah paréntah wanda panggeuri diwakilan ku tokoh
A. Lia B. Andri
C. Azhar D. Maul
E. Jaya
Jawaban : e
27. anak bangkong...
A. bancet B. bogo
C. buyur D. buruy
Jawaban : d
28. Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......
A. ritual B. pintonan
C. tradisi D. adat
E. kasenian
Jawaban : c
29. ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel nyaéta...
A. catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel
B. mun perlu catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel
C. jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca
D. baca heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat
E dicatet sakabéh eusina kana buku catetan
Jawaban : e
30. “Punten Wan, pangyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!”
Nilik kana gunana éta kalimah téh kaasup kana kalimah
A. Pangjurung B. Panitah
C. Pangwawadi D. Panyarék
E. Paménta
Jawaban : b
31. Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng
A. Parabel B. Mite
C. Légénda D. Babad
E. Sage
Jawaban : b
32. Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...
A. Rajah B. Monolog
C. Deskripsi D. Dialog
E. Narasi
Jawaban : a
33. Wewengkon nu tradisina keukeuh nyekel aturan ti karuhuna biasa disebut .....
A. kampung khas B. daerah istimewa
C. kampung adat D. daerah adat
E. kampung istimewa
Jawaban : c
34. Naon eusi tina artikel wanda prediktif teh...
A. Eusina mangrupa kajadian-kajadian anu geus diprediksi saacanna.
B. Eusi pedaranana ngeunaan perkara anu can kajadian dumasar sawangan (analisis) pangarangna.
C. Eusi pedaranana ngagambarkeun hiji perkara atawa mangrupa pasualan dina kahirupan.
D. Eusi pedaranana ngajentrekeun atawa ngeceskeun kana hiji perkara ka pamaca dumasar pamadegan pangarangna.
E. Eusi pedaranana leubeut ku fakta-fakta anu luyu jeung sawangan pangarangna.
Jawaban : b
35. Rek iraha indit ka Bandung teh?
Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....
A. Wawaran B. Panyeluk
C. Pananya D. Panyambung
Jawaban : c
Dapatkan Informasi Terkini dari Tribun Pontianak via SW DI SINI
Ikuti Terus Berita Terupdate Seputar Kalbar Hari Ini Di sini
50 Soal Biologi Kelas 12 SMA Ulangan/Ujian Semester 1 2025 Kurikulum Merdeka Lengkap Kunci Jawaban |
![]() |
---|
50 Soal Kimia Kelas 12 SMA Ulangan/Ujian Semester 1 2025 Kurikulum Merdeka Lengkap Kunci Jawaban |
![]() |
---|
50 Soal Sosiologi Kelas 12 SMA Ulangan/Ujian Semester 1 2025 Kurikulum Merdeka Lengkap Kunci Jawaban |
![]() |
---|
50 Soal Ekonomi Kelas 12 Ulangan/Ujian Semester 1 2025 Kurikulum Merdeka Lengkap Kunci Jawaban Eko |
![]() |
---|
50 Soal Geografi Kelas 12 Ulangan/Ujian Semester 1 2025 Kurikulum Merdeka Lengkap Kunci Jawaban Geo |
![]() |
---|
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.