Soal Bahasa Sunda
SOAL Ulangan Bahasa Sunda Kelas 11 Kurikulum Merdeka Lengkap Kunci Jawaban Ujian Semester/Harian
Seluruh soal akan menjadi pembelajaran dan gambaran yang dapat dipelajari secara seksama.
TRIBUNPONTIANAK.CO.ID - Soal ulangan Bahasa Sunda Kelas 11 untuk ujian semester atau harian kurikulum merdeka.
Setiap soal sudah dilengkapi dengan kunci jawaban.
Untuk dijadikan panduan dalam menghadapi ulangan dan ujian sebagai pembelajaran.
Seluruh soal akan menjadi pembelajaran dan gambaran yang dapat dipelajari secara seksama.
Sebagai pembelajaran untuk mempersiapkan diri setelah menghadapi kenaikan kelas.
Baca juga: SPMB SDN 32 Pontianak Tenggara Dinilai Ramah dan Tidak Menyulitkan Orangtua
Soal Bahasa Sunda Kelas 11
1. Tengetan ungkara ieu di handap!
(1) ngaran, lalandian, atawa jujulukna, (2) riwayat kalahiran jeung asal-usul kulawargana, (3) wangun fisik tokoh jeung pasipatanana, (4) riwayat pendidikan jeung pagaweanana, (5) pikiran atawa gagasanana, (6) karya atawa hasil gawe, (7) prestasi jeung pangajen (penghargaan) nu kungsi katarimana. Unsur-unsur diluhur kudu aya dina karya tulis nu disebut .....
A. Bewara
B. Biantara
C. Wawacan
D. Biografi
E. Artikel
Jawaban: D
2. Ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nyaeta
A. Ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga
B. Cita-cita jeung pangalaman atikan
C. Kakayaan jeung harta banda nu dipiboga
D. Pangalaman gawe jeung organisasi
E. Prestasi nu kungsi kacangking
Jawaban: C
3. Anu gabedakeun antara karya tulis biografi jeung otobiografi teh nya eta .....
A. Bentuk fisik jeung pasipatan indung bapana.
B. Riwayat pendidikan jeung pagaweanan
C. Beda nu nulisna
D. Tema jeung amanatna
E. Beda nu macana
Jawaban: C
4. Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku sarerea minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya eta pamaen musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN), upamana wae kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian. Malah unggal nyebut Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nyaeta Priangan Si Jelita tea. Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dileler hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Dewan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani. Unsur biografi nu kapanggih tina teks di luhur nyaeta .....
A. Riwayat atikan jeung pagawean
B. Dedeg jeung pasipatan
C. Karya, prestasi atawa hasil gawe
D. Cita – cita jeung pangharepan anu kahontal jeung nu can kahontal
E. Lalakon hirup nepi ka junun dina widangna
Jawaban: C
5. Taun 1967 Ajip Rosidi diangkat jadi dosen luar biasa di Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran di Bandung. Salian ti eta anjeunna mindeng mere kuliah umum di rupa-rupa universitas di Indonesia. Diantarana di ITB, UNDIP, IKIP Negeri Bandung, jeung sajabana. Taun 1981 diangkat jadi Visiting Professor di Osaka Gaikokugo Daigaku di Osaka, Jepang nepi ka taun 2003. Taun 1983-1994 jadi Guru Besar Luar Biasa di Tenri Daigaku, Tenri, Nara. Taun 1983-1996 jadi Guru Besar Luar Biasa di Kyoto Sangyo Daigaku di Kyoto. Pensiun sarta balik deui ka Indonesia taun 2003.
Sempalan teks di luhur eusina ngajelaskeun .....
A. pangajen anu kungsi katarima
B. riwayat atikan
C. riwayat pakasaban/pagawean}
D. lalandian atawa julukan
E. tempat ping gumelar
Jawaban: C
6. Tengetan teks biografi ieu di handap!
(1) Dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke Nederland Indisch Leger) sarta ditempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa. Lajeng di Kompi Manado sareng walanda totok. Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda. 2. Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku sarerea minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya eta pamaen musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana wae kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).
(2) Ngaran lengkepna Cecep Burdansyah. Nenehna mah Cecep. Anjeunna lahir di Ciwidey, tanggal 23 September 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP keneh.
(3) Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dileler hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Dewan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.
(4) Mang Koko teh teu reureuh – reureuh neuleuman seni karawitan. Ku tarekahna mang Koko, nu sasatna geus mukakeun gapura seni karawitan Sunda. Ku karancageanana geus nyiptakeun kaparigelan anu wilang revolusioner ku cara ngagarap seni kawitan tradisional kana cara wanda anyar.
Paragraf anu nuduhkeun salah sahiji unsur biografi prestasi nyaeta .....
A. 1, 2 jeung 3
B. 1, 2 jeung 4
C. 1, 2 jeung 5
D. 2, 3 jeung 4
E. 3, 4 jeung 5
Jawaban: B
7. Prof. Dr. Mikihiro Moriyama gumelar di Kyoto, Jepang, tanggal 16 September 1960. Kang Miki teh sarjana basa jeung sastra Sunda, anu ayeuna nyangking kalungguhan Profesor widang basa Indonesia di universitas Nanzan, Anjeunna nulis rupaning buku jeung esey ngeunaan budaya citak jeung modernitas oge ngeunaan kawijakan basa di Indonesia. Narjamahkeun sastra kontemporer Indonesia kaasup karya Seno Gumira Ajidarma jeung Putu Wijaya kana basa Jepang. Ngajarkeun basa Indonesia ti taun 1988 di Jepang, kaasup nyusun buku pelajaran basa Indonesia keur siswa di Jepang.
Dina sempalan paragrap di luhur aya kecap gumelar anu hartina .....
A. tepang taun
B. milangkala
C. lahir
D. maot
E. palastra
Jawaban: E
8. Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku sarerea minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya eta pamaen musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana wae kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).
Kecap dipikawanoh dina sempalan biografi di luhur sarua hartina jeung .....
A. dipikanyaah
B. dipikacinta
C. dipikadeudeuh
D. dikenal
E. dipikangewa
Jawaban: D
9. Ieu dihandap nu teu kaasup kana mangpaat biografi nyaeta .....
A. Diajar jeung ngeunteung kana pangalaman hirup hiji tokoh
B. Bisa maca gagasan / pikiran hiji tokoh
C. Biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah
D. Bahan sumber perdebatan
E. Mere pangajen ka hiji tokoh tina sagala jasajasana
Jawaban: D
10. Kagiatan nyarita di hareupeun balarea kalayan nepikeun hiji jejer, nya eta disebut .....
A. Kawih
B. Biantara
C. Diskusi
D. Paguneman
E. Dakwah
Jawaban: B
11. Halim calon ketua OSIS nepikeun biantarana, visi misi na dicatet dina kertas. Dina prakna iantara henteu maca tapi sakali-kali ningali kana kertas anu dicepengna. Metode nu dipake Halim dina nepikeun biantara nyaeta .....
A. Metode ngapalkeun atawa ditalar
B. Metode ngadadak atawa impromtu
C. Metode nyatetkeun bagean-bagean nu penting anu rek ditepikeun
D. Metode ngarang
E. Metode maca
Jawaban: C
12. Salasahiji maksud jeung tujuan tina biantara, nya eta .....
A. Nepikeun gagasan atawa eusi pikiran
B. Jadi tongtonan tapi teu kudu jadi tungtunan
C. Ngabingungkeun anu ngabandungan
D. Bisa ngagunakeun kalimah epektif
E. Nimbulkeun harti anu euyeub keur anu ngabandungan
Jawaban: A
13. Babagian biantara anu eusina kacindekan jeung ngajak ka balarea ngalaksanakeun nu ditepikeun dina biantara nya eta dina .....
A. Bubuka biantara
B. Salam bubuka biantara
C. Panutup biantara
D. Salam panutup biantara
E. Eusi biantara
Jawaban: C
14. Pa Tato biantara di payuneun tamu ti sakola Mitra Jerman. Dina prakna biantara Pa Tato henteu nyandak teks, aya interaksi sareng tamu tur gesturna oge laluasa.
Metode nu dipake Pa Tato dina nepikeun biantara nyaeta .....
A. Metode nyatetkeun bagean-bagean nu penting anu rek ditepikeun
B. Metode ngadadak atawa impromtu
C. Metode ngapalkeun atawa ditalar
D. Metode ngarang
E. Metode maca
Jawaban: C
15. Lamun aya nu keur biantara kudu repeh, ulah recet kitu!
Kecap repeh dina kalimah di luhur ngandung harti .....
A. Parea-rea omong
B. Cicing bari luak-lieuk
C. Molotot teu ngiceup
D. Teu loba pamolah
E. Cicing teu nyarita
Jawaban: E
16. Titenan teks di handap!
(1) Artikulasi kudu jelas
(2) Sora kudu bentes
(3) Raray kudu ekspresif
(4) Teu kudu aya pangregep
(5) Teu kudu jelas eusina
Nu kudu aya dina biantara sangkan jadi biantara anu hade nyaeta ...
A. 1, 2, 3
B. 3, 4, 5
C. 5, 4, 1
D. 2, 4, 1
E. 1, 5, 3
Jawaban: A
17. (Teks) Ku sabab kitu, basa nu dipake ku urang dina biantara teh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogeku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan oge ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
Numutkeun hidep eta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaeta ….
A. Ngandung wirahma
B. Tatag nyaritana
C. Aktual temana
D. Alus basana
E. Munel eusina
Jawaban: D
18. (Teks) Biantara teh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara teh kudu make lentong (lagu kalimah) anu hade.
Numutkeun hidep eta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaeta.....
A. Munel eusina
B. Aktual temana
C. Alus basana
D. Tatag nyaritana
E. Ngandung wirahma
Jawaban: E
19. Biantara miboga tema nu ku urang ditepikeun teh kudu aktual, lain tema-tema nu geus basi atawa geus lila. Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut....
A. Munel eusina
B. Aktual temana
C. Alus basana
D. Tatag nyaritana
E. Ngandung wirahma
Jawaban: B
20. Biantara nu ditepikeun ku urang teh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna. Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut …
A. Munel eusina
B. Aktual temana
C. Alus basana
D. Tatag nyaritana
E. Ngandung wirahma
Jawaban: A
21. Pikeun ngatur hiji acara upamana dina diskusi sang kan lumangsung kalawan lungsur langsar perluaayana panumbu catur, istilah sejen tina panumbu catur nyaeta teh nyaeta....
A. panata acara
B. master of ceremony
C. narasumber
D. sekretaris
E. pamilon
Jawaban: A
22. Tugas utama panata acara teh kawilang reana salahsahiji tugas utamana aya di handap ieu. Tugas utama panata acara dina diskusi teh minangka....
A. panglengkep
B. panengah
C. pamilon
D. pananya
E. pamaca
Jawaban: B
23. Dina unggal acara tangtuna kudu aya jalma nu ngatur acara sangkan kaguatanna lancer, dina kagiatan naon panata acara ngalaksanakeun tugasna?
A. ulang taun
B. kasenian
C. diskusi
D. pemilu
E. olahraga
Jawaban: C
24. Di handap ieu tugas-tugas utama panata acara,salasahiji tugas panata acara samemeh lumangsungna diskusi nyaeta .....
A. ngawasa masalah anu luyu jeung tema diskusi
B. teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung tema diskusi
C. henteu jadi panengah lamun aya konflik
D. teu mere kasempetan ka pamilon pikeun nanya
E. teu kudu ngatur lumangsungna diskusi
Jawaban: A
25. Panata acara teh kudu nyaho kana waktu nu disadiakeun pikeun diskusi, sangkan ....
A. diskusi lila waktuna
B. diskusi rea konflikna
C. diskusi rea nu nanya
D. diskusi beres dina waktuna
E. diskusi teu saluyu jeung tema
Jawaban: D
26. Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi teh tos rengse. Muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. mere kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup
Jawaban: E
27. Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kasehatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka saderek panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. mere kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup
Jawaban: A
28. Tugas panata acara mah beda jeung panumbu catur, sabab panata acara mah ....
A. mingpin sakabeh runtuyan acara
B. ngatur lumangsungna diskusi
C. jadi panengah dina diskusi
D. mere kasempetan nanya ka pamilon
E. mere pedaran singget kagiatan diskusi
Jawaban: B
29. Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kasehatan lingkungan, bade ngabahas materi ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kasehatan Lingkungan’.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. mere kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup
Jawaban: B
30. Tah, ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, mangga dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. mere kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup
Jawaban: C
- Baca Berita Terbaru Lainnya di GOOGLE NEWS
- Dapatkan Berita Viral Via Saluran WhatsApp
!!!Membaca Bagi Pikiran Seperti Olahraga Bagi Tubuh!!!
:quality(30):format(webp):focal(0.5x0.5:0.5x0.5)/pontianak/foto/bank/originals/soal-bahasa-sunda-kelas-11-r9090560i56.jpg)
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.