Kunci Jawaban SMA

42 SOAL Bahasa Sunda Kelas 11 Semester 1 dan Kunci Jawaban Kurikulum Merdeka Ulangan Tahun 2024

Ragam contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 11 Kurikulum Merdeka. Ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nyaéta.

TRIBUNPONTIANAK.CO.ID
Ragam contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 11 Kurikulum Merdeka. Ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nyaéta. 

TRIBUNPONTIANAK.CO.ID - Ragam contoh soal bahasa Sunda Kelas 11 Kurikulum Merdeka.

Ragam contoh terdiri dari 42 pertanyaan soal ulangan pilihan ganda.

Seluruh pertanyaan Soal UAS dilengkapi dengan kunci jawaban sumatif.

Siswa belajar dari rangkuman contoh soal ulangan agar mendapatkan nilai yang tinggi.

Rangkuman bahan belajar soal ulangan dirangkum dari materi semester ganjil.

Belajar diperlukan siswa dalam menghadapi ulangan di sekolah.

Jadikan rangkuman materi belajar sebagai simulasi persiapan ulangan di sekolah.

Berikut ini kunci jawaban soal kelas 11 SMA Bahasa Sunda tahun 2024 Semester 1 yang disadur dari beragam sumber.

[Cek Berita dan informasi kunci jawaban SMA klik di Sini]

Latihan Soal Kelas 11 Bahasa Sunda

1. Tengetan ungkara ieu di handap!

(1) ngaran, lalandian, atawa jujulukna,
(2) riwayat kalahiran jeung asal-usul kulawargana,
(3) wangun fisik tokoh jeung pasipatanana,
(4) riwayat pendidikan jeung pagawéanana,
(5) pikiran atawa gagasanana,
(6) karya atawa hasil gawé,
(7) préstasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarimana.

Unsur-unsur diluhur kudu aya dina karya tulis nu disebut .....
A. Béwara
B. Biantara
C. Wawacan
D. Biografi
E. Artikel

D

2. Ieu di handap hal-hal anu ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nyaéta
A. Ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga
B. Cita-cita jeung pangalaman atikan
C. Kakayaan jeung harta banda nu dipiboga
D. Pangalaman gawé jeung organisasi
E. Préstasi nu kungsi kacangking

C

3. Anu gabédakeun antara karya tulis biografi jeung otobiografi téh nya éta .....
A. Bentuk fisik jeung pasipatan indung bapana.
B. Riwayat pendidikan jeung pagawéanan
C. Béda nu nulisna
D. Tema jeung amanatna
E. Béda nu macana

C

4. Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif.

Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan.

Sababaraha karyana meunang penghargaan, ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN), upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian.

Malah unggal nyebut Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nyaéta Priangan Si Jelita téa.

Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.

Unsur biografi nu kapanggih tina téks di luhur nyaéta .....
A. Riwayat atikan jeung pagawean
B. Dedeg jeung pasipatan
C. Karya, prestasi atawa hasil gawe
D. Cita – cita jeung pangharepan anu kahontal jeung nu can kahontal
E. Lalakon hirup nepi ka junun dina widangna

C

5. Taun 1967 Ajip Rosidi diangkat jadi dosén luar biasa di Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran di Bandung.

Salian ti éta anjeunna mindeng méré kuliah umum di rupa-rupa universitas di Indonésia.

Diantarana di ITB, UNDIP, IKIP Negeri Bandung, jeung sajabana.

Taun 1981 diangkat jadi Visiting Professor di Osaka Gaikokugo Daigaku di Osaka, Jepang nepi ka taun 2003.

Taun 1983-1994 jadi Guru Besar Luar Biasa di Tenri Daigaku, Tenri, Nara.

Taun 1983-1996 jadi Guru Besar Luar Biasa di Kyoto Sangyo Daigaku di Kyoto.

Pénsiun sarta balik deui ka Indonésia taun 2003.

Sempalan téks di luhur eusina ngajelaskeun .....
A. pangajén anu kungsi katarima
B. riwayat atikan
C. riwayat pakasaban/pagawean
D. lalandian atawa julukan
E. tempat ping gumelar

C

6. Tengetan téks biografi ieu di handap!

(1) Dina taun 1935 dibenum jadi perwira KNIL (Koninklijke Nederland Indisch Leger) sarta ditempatkeun di batalyon X Jakarta, di Kompi Jawa.
Lajeng di Kompi Manado sareng walanda totok.
Kumargi nyekel deleg kana kasundaan, anjeuna alim disamikeun sareng urang Walanda.

(2). Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif.
Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan.
Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN).

(3) Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh.

(4) Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani.

(5) Mang Koko teh teu reureuh – reureuh neuleuman seni karawitan.
Ku tarekahna mang Koko, nu sasatna geus mukakeun gapura seni karawitan Sunda.
Ku karancageanana geus nyiptakeun kaparigelan anu wilang revolusioner ku cara ngagarap seni kawitan tradisional kana cara wanda anyar.

Paragraf anu nuduhkeun salah sahiji unsur biografi prestasi nyaeta .....
A. 1, 2 jeung 3
B. 1, 2 jeung 4
C. 1, 2 jeung 5
D. 2, 3 jeung 4
E. 3, 4 jeung 5

B

7. Prof. Dr. Mikihiro Moriyama gumelar di Kyoto, Jepang, tanggal 16 Séptémber 1960.
Kang Miki téh sarjana basa jeung sastra Sunda, anu ayeuna nyangking kalungguhan Profésor widang basa Indonésia di universitas Nanzan, Anjeunna nulis rupaning buku jeung éséy ngeunaan budaya citak jeung modérnitas ogé ngeunaan kawijakan basa di Indonésia.

Narjamahkeun sastra kontémporér Indonésia kaasup karya Séno Gumira Ajidarma jeung Putu Wijaya kana basa Jepang.

Ngajarkeun basa Indonésia ti taun 1988 di Jepang, kaasup nyusun buku pelajaran basa Indonésia keur siswa di Jepang.

Dina sempalan paragrap di luhur aya kecap gumelar anu hartina .....
A. tepang taun
B. milangkala
C. lahir
D. maot
E. palastra

E

8. Karangan atawa wacana anu esusina ngajentrekeun biji objek, kumaha prosesnya, tujuanna jeung gimana nyaeta..
A. Karangan pedaran
B. Karangan narasi
C. Karangan imajinasi
D. Karangan ilustrasi

A

9. Adat kebiasaan atawa tali paranti anu turun-tumurun ti karuhun anu masih dilaksankeun dina pakumbuhan masyarakat disebutna....
A. Folklor
B. Budaya
C. Tradisi
D. Etika

C

10. Hal-hal anu matak nimbulkeun rasa simpati atau matak ngahelas anu maca disebut .....
A. Prominence
B. Human interest
C. Conflict
D. Direct speech
E. Unusual

D

11. Dihandap ieu anu henteu kaasup dina média élektronik anu nyiarkeun acara make basa Sunda, nyaéta .....
A. TVRI
B. RRI Bandung
C. RRI Jakarta
D. STV
E. MQTV

C

12. Ieu mangrupa kamekaran novel Sunda ebreh dina rupa-rupa novel anu kungsi medal.
Dihandap ieu anu henteu kaasup kana novel karangan Aam Amalia, nyaéta .....
A. Puputon
B. Buron
C. Samagaha
D. Lalangsé
E. Arca

E

13. Halim calon ketua OSIS nepikeun biantarana, visi misi na dicatet dina kertas. 
Dina prakna iantara henteu maca tapi sakali-kali ningali kana kertas anu dicepengna.
Métode nu dipaké Halim dina nepikeun biantara nyaéta .....
A. Métode ngapalkeun atawa ditalar
B. Métode ngadadak atawa impromtu
C. Métode nyatetkeun bagéan-bagéan nu penting anu rék ditepikeun
D. Métode ngarang
E. Metode maca

C

14. Salasahiji maksud jeung tujuan tina biantara, nya éta .....
A. Nepikeun gagasan atawa eusi pikiran
B. Jadi tongtonan tapi teu kudu jadi tungtunan
C. Ngabingungkeun anu ngabandungan
D. Bisa ngagunakeun kalimah épéktif
E. Nimbulkeun harti anu euyeub keur anu ngabandungan

A

15. Babagian biantara anu eusina kacindekan jeung ngajak ka balaréa ngalaksanakeun nu ditepikeun dina biantara nya éta dina .....
A. Bubuka biantara
B. Salam bubuka biantara
C. Panutup biantara
D. Salam panutup biantara
E. Eusi biantara

C

16. Pa Tato biantara di payuneun tamu ti sakola Mitra Jerman.
Dina prakna biantara Pa Tato henteu nyandak téks, aya interaksi sareng tamu tur gésturna ogé laluasa.
Métode nu dipaké Pa Tato dina nepikeun biantara nyaéta .....
A. Métode nyatetkeun bagéan-bagéan nu penting anu rék ditepikeun
B. Métode ngadadak atawa impromtu
C. Métode ngapalkeun atawa ditalar
D. Métode ngarang
E. Metode maca

C

17. Lamun aya nu keur biantara kudu répéh, ulah récét kitu!
Kecap répéh dina kalimah di luhur ngandung harti .....
A. Paréa-réa omong
B. Cicing bari luak-lieuk
C. Molotot teu ngiceup
D. Teu loba pamolah
E. Cicing teu nyarita

E

18. Kecap rundayan dirarangkénan ka-an hartina ‘teu dihaja’, aya dina kalimah ....
a. Mangjunéd kacilakaan dijalan cagak
b. Basa balik tisakola, Dadan kahujanan dijalan
c. Kang Ubun téh kabuktian heunteu salah
d. Balik tipangandaran téh kapeutingan da macét dijalan
e. Kuring kabeneran panggih jeung manéhna di péngkolan

E

19. Dihandap ieu anu ka asup kalimah rarangkén ka an anu hartina kakeunaan ....
a. Gaji téh matak ukur kacumponan kabutuhan sapopoé
b. Budak ngora anu gareulut téh kalepasan matak jadi geutihan gé
c. Ulah sok asal ngomong nu goréng bisi jadi kanayataan
d. Matak bisa mamatahan ogé ka batur sabab bérés ka alaman ku kuring
e. Capetang nyarita téh lamun ngunyah kadaharaan mah

D

20. Dina taun 1927 medal novel Siti Rayati karangan ....
a. Yuhana
b. Usep Romli H.M
c. Muhamad Sanusi
d.R.Memed
e.Suwarsih Djojo Puspito

C

21. Dihandap ieu anu heunteu ka asup novel bacaeun budak nyaéta ....
a. Nu ngageugeuh legok kiara
b. Mistéri haur geulis
c. Rasiah kodeu binér
d. Budak teuneung
e. Baruang ka nu ngarora

E

22. Ieu mangrupa kamekaran novel Sunda ebreh tina rupa-rupa novel anu kungsi medal.
Dihandap ieu anu heunteu ka asup kana novel karangan Aam Amalia, nyaéta ....
a. Puputon
b. Buron
c. Samagaha
d. Lalangsé
e. Arca

E

23. Nampung unggal saran, mere kesempatan pikeun nepikeun gagasan ka peserta diskusi, nyatetkeun pananya dina diskusi, kaasup sababaraha hal anu jadi tugas panumbu catur utamana dina bagean...
A. Mungkas diskusi
B. Nutup diskusi
C. Nyindekkeun diskusi
D. Ngatur jalanna diskusi

D

24. Nu kaasup kana pancén panumbu catur dina diskusi diantarana nya eta....
A. Nepikeun nu jejer diskusi
B. Nengahan nu padungdeng
C. Nampung unggal saran
D. Ngahaturkeun nuhun ka nu hadir

A

25.... Pamungkas, mugia diskusi ieu janten salah sahiji jalan supados pikiran urang langkung jembar.
Neda dihapunten bilih aya basa anu kirang merenah kana manah....
Ungkara di luhur kaasup kana caritaan panumbu catur dina begean...
A. Bubuka
B. Eusi
C. Sanduk-sanduk
D. Panutup

D

26. Di handap ieu kaasup kana redaksi nalika panumbu catur ngatur jalanna diskusi, nyaeta...
A. Sakitu anu kapihatur, mugia urang sadaya janten siswa-siswi anu cageur, bageur, pinter, bener, singer, tur parigel
B. Wassalamu'alaikum warahmatullahi Wabarakatuh
C. Haturan ka pangjejer Kahiji, Bapa Ridwal Kamil kanggo ngadugikeun pedarananaa
D. Sampurasun.....Hatur nuwun mas saderek panata acara nu parantos masihan waktosana.

C

27. Medan ngeunan unak anik tradisi d hijin masyarakat Sunda (kegiatan adat istiadat, ritual budaya, atikan, pakasaban, tatanen, jeung rea rea deui, nyaeta...
A. Aturan tradisi Sunda
B. Pedaran tradisi Sunda
C. Wawasan tradisi Sunda
D. Etika tradisi Sunda

B

28. Titenan téks di handap!
(1) Artikulasi kudu jelas
(2) Sora kudu béntés
(3) Raray kudu ekspresif
(4) Teu kudu aya pangregep
(5) Teu kudu jelas eusina
Nu kudu aya dina biantara sangkan jadi biantara anu hadé nyaéta ...
A. 1, 2, 3
B. 3, 4, 5
C. 5, 4, 1
D. 2, 4, 1
E. 1, 5, 3

A

29. (Teks) Ku sabab kitu, basa nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa.
Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogéku sisindiran.
Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta ….
A. Ngandung wirahma
B. Tatag nyaritana
C. Aktual témana
D. Alus basana
E. Munel eusina

D

30. (Teks) Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.
Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.
Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta.....
A. Munel eusina
B. Aktual témana
C. Alus basana
D. Tatag nyaritana
E. Ngandung wirahma

E

31. Biantara miboga téma nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi atawa geus lila.
Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut....
A. Munel eusina
B. Aktual témana
C. Alus basana
D. Tatag nyaritana
E. Ngandung wirahma

B

32. Biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.
Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut …
A. Munel eusina
B. Aktual témana
C. Alus basana
D. Tatag nyaritana
E. Ngandung wirahma

A

33. Pikeun ngatur hiji acara upamana dina diskusi sang kan lumangsung kalawan lungsur langsar perluaayana panumbu catur, istilah séjen tina panumbu catur nyaéta téh nyaéta....
A. panata acara
B. master of ceremony
C. narasumber
D. sekretaris
E. pamilon

A

34. Tugas utama panata acara téh kawilang réana salahsahiji tugas utamana aya di handap ieu.
Tugas utama panata acara dina diskusi téh minangka....
A. panglengkep
B. panengah
C. pamilon
D. pananya
E. pamaca

B

35. Dina unggal acara tangtuna kudu aya jalma nu ngatur acara sangkan kaguatanna lancer, dina kagiatan naon panata acara ngalaksanakeun tugasna?
A. ulang taun
B. kasenian
C. diskusi
D. pemilu
E. olahraga

C

36. Di handap ieu tugas-tugas utama panata acara,salasahiji tugas panata acara saméméh lumangsungna diskusi nyaéta .....
A. ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
B. teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
C. henteu jadi panengah lamun aya konflik
D. teu méré kasempetan ka pamilon pikeun nanya
E. teu kudu ngatur lumangsungna diskusi

A

37. Panata acara téh kudu nyaho kana waktu nu disadiakeun pikeun diskusi, sangkan ....
A. diskusi lila waktuna
B. diskusi réa konflikna
C. diskusi réa nu nanya
D. diskusi bérés dina waktuna
E. diskusi teu saluyu jeung téma

D

38. Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé.
Muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan.
Hapunten tina sagala kalepatan. Wassalamualaikum wr.wb.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup

E

39. Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun!
Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya.
Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongn panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup

A

40. Tugas panata acara mah béda jeung panumbu catur, sabab panata acara mah ....
A. mingpin sakabéh runtuyan acara
B. ngatur lumangsungna diskusi
C. jadi panengah dina diskusi
D. méré kasempetan nanya ka pamilon
E. méré pedaran singget kagiatan diskusi

B

41. Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé ngabahas matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.
Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup

B

42. Tah, ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, mangga dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber Kalimah di luhur kaasup kana struktur omongan panumbu catur dina bagian ....
A. bubuka
B. ngawanohkeun narasumber
C. méré kasempetetan nanya
D. pedaran singget diskusi
E. panutup

C

(*)

Informasi Terkini Tribun Pontianak Kunjungi Saluran WhatsApp

Ikuti Terus Berita Terupdate Seputar Kalbar Hari Ini Di sini

Berita Terkait
Ikuti kami di
AA

Berita Terkini

© 2025 TRIBUNnews.com Network,a subsidiary of KG Media.
All Right Reserved